Senin, 26 Maret 2012

Bandung I’m in Love (Carpon kuring keur Tingkat 1)

Karya : Targana Hidayat.
Pasosore, waktu kuring keur ngariung jeung babaturan, teu karasa hape anu di teundeun dina saku karasa ngageter. Wah asa ku kaget gening anu aya anu nelpon ngangge pripat nomer, kuring mah geus jadi kabiasaan lamun aya nu nelpon teu dipikanyaho identitasna mah tara borahanan hayang ngangkat eta telpon, tapi na ari harita mah leungeun kuring replek make jeung langsung mencet tomol “terima”.
“ Halo,,…….!!” (reuwas da gening nu nelpon teh sorana meni halimpu).
“ Ieu saha nya???” tanya sim kuring.
“ ooooo maaf saya tidak mengerti bahasa sunda” walon manehna.
“ nya ini siapa atuh ???”.
“ hahahahahahaha! ‘’.
‘’ Kalah seuri gening!’‘ (bari bingung).
“ ieu Dewi A!”.
“ hahahahahah, sugan teh saha, aya naon geulis????”.
“ Aa, ayeuna mah Uwi tos janten mahasiswa UPI oge, Alhamdulillah katampi di jurusan anu tos dicita-citakeun ti keur SMA keneh tea!“.
“ oooh, jurusan FPOK tea sanes On????”.
“ muhun Aa ndut (bari seuri), nya atuh atos heula nya ke di telpon deui, jiga nuju ngumpul sareng rerencanganana nya? Bilih ngaganggu, yuuu ahhh, assalamualaikum, dadah aa(nutup telpon)!”
“ ihhh, teu baleg pisan ngomong teh nyoroscos pisan, abong awewe biwirna dua (rada seuri)!”.
Kuring langsung ngasupkeun deui hape kana pesak, bari hate mah rada bungah, lin rada bungah deui ketang, bungah pisan. Dek teu bungah kumaha atuh?, da ti saprak kuring bobogohan jeung Manehna, kira-kira 6 bulanan kuring jeung Manehna can panggih-panggih. Teu dileuleungit, pernah panggih teh keur basa kuring papanggih jeung lanceukna di salah sahiji tempat dahar mahasiswa (apal meureun mahasiswa tempat daharna dimana) eta oge ngan sakali-kalina, mereun ti harita anu jadi kuncup rasa nyaah kuring ka Manehna teh mimiti aya. Lamun ditilik tina cacaritaan samemeh bobogohan jeung manehna ge rada lucu, da mimitina mah kuring teh ngadeukeutan na mah ka lanceukna, tapi ku lantaran lanceukna mah nganggap kuring teh meureun budak leutik anu bau cikur keneh, jadi weh kur diheureuykeun jeung teu dianggap. Kalah hiji waktu mah kuring teh pernah nepikeun ka asa era beungeut ku kalakuan lanceukna, kieu dongengna gera. Ari sugan teh bener si Manehna (lanceukna tea) teh teu jadian (bahasa gaul) jeung lanceuk tingkat simkuring, nya atuh ari anu ngarana lalaki mah ngarana ka awewe anu dipikahayang, sanajan teu di titah ulin ge asa hayng wae ngulinan komo ceuk paribasana di titah ulin ka kosanana subuh-subuh ge pasti dilakonan (catatan: asal ibu kosna teu galak). Pas hiji waktu Kuring asa ngimpi dititah ulin ku si Manehna teh isuk-isuk pisan, kira-kira jam satengah tujuh poe rebo, cenah mah Kuring kudu nganteur Manehna ka Cimahi (teuing nek naon ka Cimahi na ge, da teu dibere nyaho). Najan teu biasa hudang isuk ge kuring harita mah tanginas hudang jam lima, kaluar kamar, brus mandi, dandan bebeakan, terus ngahaneutan motor, nepi ka ibu jeung bapa kos kuring mah teu eun-eunan nyebut lamun kuring geus mandi jam sakieu (satengah genep) mah ke sore bakal hujan gede cenah (sabenerna hinaan ieu teh, da salila 3 taun ngekos kuring tara biasa mandi isuk). Kira-kira jam genepan kuring geus mangkat ka kosan manehna. Teu lila jam satengah tujuh ge kuring geus tepi ka kosanana, geus tepi ka kosanana kuring ngasms (eusi sms disensor). Teu lima menit-menit acan, kurunyung manehna seuri bari katinggali teh siga can sibeungeut-sibeungeut acan.
“ hayu kalebet!” ceuk manehna.
Dasar lalaki da gening tong boro wae dititah, teu di titah ge hayang ngajleng langsung ka kamarna. Kuring kur ungeuk ngagugu nuturkeun manehna bari jeung rada era, kosan anu di tempatan ku si Manehna teh kosan khusus putri, tapi sigana mah rada bae eun lalaki asup ge. Geus tepi hareupeun kamarna, kereketttt sora panto di buka ku manehna. Nyampak, di kamarna teh aya lalaki, siga na mah si ETA, tapi teuing ketang da dedeganana teu katinggali da keur diuk dina korsi bari ngetik, buukna rada CRISYE (criting rambut syebel), make baju batik, calana katun, terus anu ngayakinkeun kuring yen anu keur diuk dina korsi eta teh si ETA tea nya eta motorna sabab kuring asa teu asing kana motor nu diparkir tadi di luar gigireun motor kuring teh nya eta motor anu biasa dipake ku si lanceuk tingkat sapopoe kuliah. Tah tas kitu teh kuring kalah jadi bararingung, mun asup kabayang atuh, teu asup bisi di sebut pengecut, ah tapi jero pikir lamun kuring asup, era na ge ku dua jalma nya eta si manehna jeung si lanceuk tingkat, tapi lamun jadi pengecut mah kur ku si manehna kecuali lamun si manehna ngomong ka babaturanana. Akh ketang kagok baseuh, asup we lah.
Karek ge ngalengkahkeun suku hiji oge, si lanceuk tingkat kaburu malik ninggali kana panto anu muka kaleresan aya sim kuringan.
“ eeeeeehhhh, gening si Eta, aya naon euyyyy? Jam sakieu geus ulin kadieu?” Tanya si lanceuk tingkat bari rada heran.
Kuring ngan sa ukur nyerengeh, terus ngalengkahkeun deui suku ka tukang. Bari muter otak sangkan kuring teu era lahir jeung batin.
“ eeeeehhhh, kalah seuri???”.
Untung otak kuring mah calakan pisan kana ngabohong mah.
“ eta kang bade nambut buku landasan pendidikan, ayeuna abdi kuliah enjing kang, tapi teu gaduh bukuna!” tembal kuring bari rada kuram-kireum keneh.

“ oh nya sok atuh nambut bukuna lajengkeun, akang keur ngerjakeun RPP kangge ngajar di SMP ……….(sensor), akang nuju PPL euy jadi jarang ka Kampus, ieu ge ngerjakeun RPP di bantuan ku si Geulis (ayeuna mah kuring wani tah ngaluluconkeun omongan akang nu ieu, kieu yeuh luluconna “DEMI ALLOH KANG TEU NANYA TAH”).
Untung si Teteh (si manehna tea) oge gancang ngarti yen kuring teh keur aya dina posisi terdesak.
“ nya Ran, ke heula nya teteh hilap deui nyimpena dimana, tapi tenang we da teteh meser buku lanpen mah!” omongan si teteh (ngabohong oge).
Kuring ngan cicing, si Lanceuk tingkat oge nuluykeun deui pagaweanana bari ngetik diharepeun komputer.
“ tah ieu gening aya Ran, ieuh atuh(bari ngasongkeun bukuna)!”.
“ nya Teh buku na di tambut heula, punten we nya Teh, Kang tos ngarerepot, enjing-enjing tos ngaganggu!”, tembal kuring bari rada ngabalieur.
“ teu nanaon atuh kan kawajibanana ari lanceuk tingkat mah kudu ngabantuan ka adi tingkat!”.
“ muhun kang, mangga Teh, hatur nuhun, assalamualaikum!”.
“ nya atuh mangga, kade di jalana, ulah ngalamun!” tembal si Lanceuk tingkat.
Teu dilila-lila, harita keneh kuring langsung ngajengkat ti pakalangan anu ngaremukeun hate sim kuring (lebay). Pas turun dina tangga deukeut kosan si Manehna, kakara kapikiran “nya tega gening si manehna nipu sim kuring, cenah jeung si lanceuk tingkat teh teu bobogohan tapi kanyataanana gening kitu, meni ku teung-teuingeun, pengorbanan teh gening teu aya buktina, ngorbankeun diri mandi isuk-isuk, ngagaya isuk-isuk, make seuseungitan isuk-isuk, nepi ka di komen ku ibu jeung bapa kos teu eun-eunan teh gening mung saukur siga nginum make batok bolong, maksudna ari panggih mah panggih jeung anu di tuju tapi gening teu beubeunangan, tapi sakieu ge kuring bisa mertahankeun harga diri, teu jadi era lahir jeung batin teuing. Keur ngalamun, kuring kasadarkeun, karasa dina saku aya anu ngageter, geningan aya sms, kuring rada ragu-ragu muka smsna ge da tadi katinggali hape si manehna aya deukeut si Lanceuk tingkat, pas dibuka teh kieu yeuh eusi smsna (moal disensor akh kagok ambek),  “maf nya ran, teteh teu nyarios aya si akang di kosanana”. Ku kuring teu di balesan eta sms da masih keneh aya ka ambek anu nyangkaruk dina dada. Motor ku kuring di selah terus di gas satarikna, nepi ka pas indit mah merlukeun waktu tilu puluh menit da ngajaga buuk anu geus di atur saterekebekna sieun rusak ku angin, tah ari pas balikeun mah gening teu lima welas-lima welas menit acan, da geus teu paduli kana sagala-galana.
Ti harita nepi ka meureun lima bulanna mah, kuring sabenerna masih boga ka ambek ka si Manehna, tapi, lamun panggih di kampus mah kuring sok ngusahakeun nyerengeh bari tara saeutik tina mimitina serengehanana eta teh jadi ngajebengan lamun geus satukengeun si Manehna mah. Nepi ka hiji waktu, kuring jeung si manehna panggih di salah sahiji tempat dahar barudak mahasiswa tea, ka tembong si manehna paduduaan jeung awewe deui keur dahar bari jeung ngobrol (teuing naon anu di obrolkeunana mah). Kuring teu wani nanya ti heula da ngajaga gengsi tea (ja’im tea). Pas kuring keur pesen dahar, teuing apaleun sora kuring, teuing asa kaget aya jalma anu pesen dahar meni sakitu lobana.
“ (Ngareret ka kuring), haaaaar gening Randi, bade naon? Nuturkeun teteh nya?” tanya si manehna.
“ (seuri), GR akh, nya bade mam at da lapar, kan tos waktosna jam makan siang ayeuna mah!”.
“ nya kitu, eta mah da gening sanes siga makan siang, tapi makan sabulaneun!”.
“ ah bisa wae!” tembal kuring.
“ katinggal atu tina salirana Teh!” kadenge aya anu ngomong.
“ harrrr, saha eta Teh anu nyarios?, asa teu kirang payun!”  taros Kuring ka si Manehna.
“ ooohhhhh, nya hilap Ran, ieu ran rayi Teteh, kenalkeun namina Dewi ari nenehna mah uwi, ayeuna teh nuju liburan di Bandung, kan kamari nembe beres UAS!” tembal si Manehna.
“ ooo…..abdi randi ….!” (ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman).
“ Dewi …….!”.
Sanggeus kenalan kuring jadi diuk dina bangku anu sarua jeung maranehna bari saobrol-obrolna antara Kuring, si Manehna jeung Dewi. Ti harita sigana mah kuring jeung si Manehna jadi rada akrab deui, sabab Kuring asa boga hate kadua leutik ka adina. Ampir unggal poe Kuring jeung si Manehna smsan jeung teteleponan deui. Lila kalilaan si Manehna sadar yen manehna ngan sa ukur dijadikeun panglayar ku Kuring, sabab dina tungtung smsan atawa ngobrol na telepon, Kuring sok nyelap-nyelap pertanyaan ngeunaan si Dewi. Nepi ku bakat keselna, si Manehna ngirimkeun nomer hape si Dewi tea sabab cenah mah cape di tanya itu ieu wae ngeunaan adina, da saminggu ti harita panggih oge adina mah geus balik deui ka Cikarang. Pas ninggali no hapena, kuring atoh kabina-bina sabab no hape adina ge gening saoprator, da lamun beda operator mah sangeuk ari kudu nelpon mah, mararahal, paling mung saukur bisa smsan. Da ari ayeuna mah geus lumrah ari sms mah rata-rata operator ge gratis asal daek ngutekeun ramo. Ti harita keneh oge kuring langsung ngasms si Dewi, maksudna mah mung hayang mastikeun nomer hape kuring aya di Manehna. Untung Dewi masih keneh ingeteun ka kuring, lamun teu mah atuh kuring teh gagal tea.
Saban poe Kuring jeung si Dewi, ngobrol wae dina hape (nya kitu oge lamun kaparengan aya pulsa, nya lamun euweuh mah lapur we) jeung smsan atawa chat dina pesbuk. Lila-kalilaan, jadi akrab pisan, manehna lamun aya masalah carita ka kuring jeung lamun kuring aya masalah ge kitu tea sarua nyarita ka Manehna. Teu karasa kuring asa tadina ngan saukur hayang heureuy ka si Dewi teh kalah jadi aya rasa anu beda. Nya conto, bakat ku mineng cacaritaan na telpon, heg aya mangsa anu kaliwat sapoe wae teu ngadenge sora Dewi, kuring asa teu biasa, terus lamun sms rada telat ngabales, kuring hariweusweus asa teu genah hate. Pikir-pikir piraku kuring bener-bener nyaah ka manehna (si dewi tea). Haaaah siga na mah kitu kanyataanana. Bisi teu ka kedalkeun heg gera kaburu aya anu miheulaan, ke kuring keneh anu ngarasa hanyakal sagede setum gera. Bulan anu kaliwat, poe anu kaliwat, jam anu kaliwat, nepi ka menit anu kaliwat, kuring ngumpul-ngumpul kawani, niatna mah hayang ngomong anu sabenerna. Pas dina waktuna, kuring ngomong ka Dewi na telpon yen kuring teh nyaah jeung resep ka Manehna. Pek teh kanyaah jeung cinta Kuring teh teu siga kanyaah cai ka minyak, Dewi ge ngarasakeun hal anu sarua ka kuring. Wah eta ku asa endahna alam dunya harita, lamun sadayana harepan satiap manusa bisa jadi kanyataan sigana damai pisan kahirupan teh. Da gening bet karek hiji harepan kuring jadi kanyataan ge sakieu gede rasa bungahna. Ti harita kuring jeung Dewi bobogohan tepi ka teu karsa kuring the geus papisah jeung teu papanggih teh
Matakna ngadenge Dewi bakal kuliah di Bandung, babarengan jeung kuring, bari jeung sauniversitas anu sarua, geus asa meunang cai di taneuh gurun. Raga anu sakur kaimpi-impi, imut anu sakur kabayang-bayang, teu lila deui mereun kabeh teh ngan lain sakur impenan. Wilujeng sumping geulis di dayeuh pinuh ku harepan, di dieu urang bajoang bareng-bareng nyulam kahirupan, sanajan loba pisan harupat anu nyugak kana lengkah-lengkah urang, tong dipalire da urang kudu percaya kabeh ge bakal ngamalir kana karahayuan.

3 komentar:

  1. Aseeekk Aseekk mantap kang!!

    BalasHapus
  2. wwwwwaaaaaaaaaaaduuuuuuuh nuhun kang ah
    kade keur dia ajar ngblog mang

    BalasHapus
  3. wah semangat we... kembangkan :D.
    abdi ge tos tara da ning nga blog teh :D..

    BalasHapus