Baheula kacaritakeun di
kampung Bojongsero téh aya jawara anu kawentar ngaranna nya éta Ki Mandor. Ari
ngaran aslina mah Ki Asnap, disebut Ki Mandor téh sabab manéhna jadi mandor
besar di Perkebunan Téh PTPN VIII . Manéhna lain waé kawentar ku elmu
kadugalanana, tapi ogé kawentar jalma anu jugala ku pakayana. Cenah, di
sakacamatan éta mah manéhna anu pang beungharna. Sanajan kitu, Ki Mandor teu
agul. manéhna mah tara koret, soméah, jeung teu adigung ku pakayana. Lamun
kira-kira aya masarakat anu keur butuh duit atawa butuh naon waé ku manéhna mah
tara disaha-saha, pasti dibantuan boh duitna boh tanagana. Nu matak, warga masarakat
di kampung jeung di désa éta ngahargaan, ngahormat, jeung mikolot ka Ki Mandor.
Malah mah keur
ceuyah-ceuyahna kampung Bojongséro ku begal jeung ku bangsat. Imah Ki Mandor
mah tara ditoél-toél acan. Padahal, ceuk akal mah, imah jalma beunghar pasti
pakayana anu diteundeun di imah moal sagawayah jeung tina salapan leuit anu aya
di sabudeureun imahna, tara aya pisan anu kosong, tiap leuit pasti pinuh ku
paré jeung hajeli. Ingon-ingon sabangsaning doma, munding jeung hayam mah geus
teu ka itung di kandang-kandang anu aya di tukangeun imahna.
Hiji waktu basa Ki
Mandor lilir tengah peuting. Ki Mandor ngadéngé aya sora keletrak-keletrék di
gigieun kamarna. Basa kumanéhna ditoong, bener baé aya opat jelema keur
nagbongkar salah sahiji leuitna. Katinggalina jelema éta mawa paré dalapan gedéng
séwang. Geus apal kitu Ki Mandor cicing di kamar, bari ngemat ajian
kahimeungan, tuluy manéhna mah saré deui.
Isuk-isuk, Ki Mandor
kaluar ti imah, manéhna ngahaja cicing heula dina golodog. Teu lila ti dinya,
Ki Mandor tuluy ka pipir néang bangsat anu tadi peuting ngabangsat leuitna, da
sabab rarasaan bangsat anu opat éta mah geus jauh ti imah Ki Mandor padahal
ngan sakur kukulilingan di imah Ki Mandor nepi ka capé, tuluy kasaréan di pipir imah Ki Mandor.
Harita pisan, bangsat
diharudangkeun ku Ki Mandor. Bangsat anu opatan
rareuwas naker, sabab gening salila sabeulah peuting téh ngan
kukurilingan di imah nu dipalingan ku maranéhna. Harita, bujang Ki Mandor
gareuwat marawa pakarang anu maksudna mah jang nggagebugan bangsat, tapi Ki
Mandor ngahalangan niat para bujangna pikeun nggagebugan bangsat éta. Ki Mandor
ngan nanya ka opat bangsat éta, maranéh jurungan saha?, asal maranéh ti mana?. Sanggeus
ngawalaler, Ki Mandor nitah nyangu
congcot opat ka Nin Anéri. Congcot anu opat éta téh dibahankeun ka maranéhna
jeung saméméh baralik, disuguhan kalayan sugema, mawa paré opat gedéng séwang
jeung dibahanan baju opat setél.
Antukna, bangsat anu opatan
téh nyanggupan daék nganteur Ki Mandor ka pingpinan maranéhna anu cenah mah dipingpin
ku jago Cibarusah. Sanggeus nepi tempat anu dituju, Ki Mandor manggihan
pingpinan bangsatna, lain ngan sakur reuwas, tapi pingpinan bangsat éta
kakaraeun panggih jeung jelema anu bageur naker. Nu lian mah, kapalingan téh
ambek, kesel, jeung teu saeutik anu ngakalakeun ka bangsatna, tapi ieu mah
kalah ka dibahanan jeung disuguhan.
Pingpinan bangsat,
ngenta hampura jeung nganuhunkeun ka Ki Mandor yén bujangna teu dirogahala
jeung malah mah dibahanan. Ti harita, pingpinan bangsat éta jangji, lamun
maranéhna cadu deui ngaganggu kahirupan jeung ngabangsat di daérah Bojong Séro.
Pikeun nyirian yén éta harta banda urang Bojongséro, kakandangan sabangsaning
ingon-ingon jeung leuit-leuit paré, kudu digantungan ku coét kohok.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar