oleh: Randi Herawan
Baheula aya budak baong, lamun dahar éta budak téh tara daék cicing sanajan ku indungna sok dicarékan ogé. Kolotna baleunghar, jeung jadi jalma anu dipikaserab ku warga anu aya di désa éta. Unggal poé, indung jeung bapana mung sakur bisa nyarék, da ngagebug komo nepi ka nampiling mah teu waranieun, sabab manéhna anak hiji-hijina, dipikanyaah jeung dicumponan sagala kahayangna.
Hiji waktu, pabeubeurang, budak éta hayang dahar jeung lauk nila. Ku indungna dipanggoréngkeun lauk nila anu gedé. Saméméh dahar, indungna nyarék ka si budak, lamun dahar jeung lauk mah, ulah gajag-gijig kaditu ka dieu, bisi kabuhulan atawa kabeureuyan. Keur dahar, si budak teu ngagugu, angger waé balangdahar téh, teu daék cicing jeung gogoléran. Keur ngeunah-ngeunah nyapek, si budak ngagoak bangun tarik pisan. Indungna langsung nyampeurkeun ka si budak, apal yén budakna téh pasti kabeureuyan ku cucuk.
Harita kénéh, indung jeung bapana rareuwas, ninggali budak gulang-guling kaditu-ka dieu di tengah imah, nahan kanyeri bari nyepengan beuheung. Teu lila ti kajadian éta, si budak dibawa ka tabib, tapi teu saranggupeun ngubaran. Poé isukna dibawa ka tabib séjén, angger kénéh teu saranggupeun ngubaran. Mangpoé-poé teu kaubaran, beuheung budak bareuh, ngagedéan. Budak ngan sakur bisa ngagolér di kamar, ari kolotna mah sakur pasrah jeung tawekal ka Allah SWT, ninggali kaayaan budak.
Kira-kira ka lima poéna budak géring, kolotna ngadu’a ka Gusti anu Maha Suci yén lamun seug aya piubareun pikeun kacageuran budakna, kirimkeun ayeuna pisan piubareunana, tapi lamun euweuh piubareunana pondokkeun umurna, da geus teu téga ninggali kaayaan budak anu diganggayong.
Wanci sareupna, aya manuk anu teu kapaluruh ti mana asalna, jol geus aya di kamar budakna anu keur gering. Manuk éta warnana beureum, eunterup dina lawang janéla. Pikir kolotna, sugan manuk éta téh meureun, piubareun pikeun budakna, sabab teu kanyahoan geus aya dina janéla. Geup waé si manuk ditéwak ku bapana, tuluy rék dipeuncit diala getihna. Si manuk ngagoak, apal manéhna rék dipeuncit. Bapana reuwas kacida. Si manuk ngomong, “lamun hidep hayang piubareun pikeun budak anjeun, ka dieu kaula bakal ngabantuan, lain kitu carana kaula rék diala getihna, tapi ka dieu nyokot cai kana batok ku kuring urang sababan pikeun piubareun budak anjeun”. Bapana ngagugu mawa cai sabatok, si manuk nganclumkeun pamatukna kana cai éta, tuluy dititah diinumkeun ka si budak.
Geus kitu méré piubareun mah, si manuk hiber deui teuing ka mana. Ari kolot budak mah atoh, sabab du’ana dikabulkeun jeung teu sapoé-poé acan si budak cageur kalayan jagjag deui sabiasana. Ti saprak kajadian éta, manuk beureum kudu disambat dina jangjawokan kabeureuyan atawa kabuhulan, lantaran manéhna pernah neundeun jasa ka manusa, nya éta pitulung ka kulawarga anu kasusahan, lantaran budakna gering.
cukup berguna bagi saya
BalasHapus