Karya : Targana Hidayat.
Pasosore, waktu
kuring keur ngariung jeung babaturan, teu karasa hape anu di teundeun dina saku
karasa ngageter. Wah asa ku kaget gening anu aya anu nelpon ngangge pripat
nomer, kuring mah geus jadi kabiasaan lamun aya nu nelpon teu dipikanyaho
identitasna mah tara borahanan hayang ngangkat eta telpon, tapi na ari harita
mah leungeun kuring replek make jeung langsung mencet tomol “terima”.
“ Halo,,…….!!” (reuwas da gening
nu nelpon teh sorana meni halimpu).
“ Ieu saha nya???” tanya sim
kuring.
“ ooooo maaf saya tidak mengerti
bahasa sunda” walon manehna.
“ nya ini siapa atuh ???”.
“ hahahahahahaha! ‘’.
‘’ Kalah seuri gening!’‘ (bari bingung).
“ ieu Dewi A!”.
“ hahahahahah, sugan teh saha,
aya naon geulis????”.
“ Aa, ayeuna mah Uwi tos janten
mahasiswa UPI oge, Alhamdulillah katampi di jurusan anu tos dicita-citakeun ti
keur SMA keneh tea!“.
“ oooh, jurusan FPOK tea sanes
On????”.
“ muhun Aa ndut (bari seuri), nya
atuh atos heula nya ke di telpon deui, jiga nuju ngumpul sareng rerencanganana
nya? Bilih ngaganggu, yuuu ahhh, assalamualaikum, dadah aa(nutup telpon)!”
“ ihhh, teu baleg pisan ngomong teh
nyoroscos pisan, abong awewe biwirna dua (rada seuri)!”.
Kuring
langsung ngasupkeun deui hape kana pesak, bari hate mah rada bungah, lin rada
bungah deui ketang, bungah pisan. Dek teu bungah kumaha atuh?, da ti saprak
kuring bobogohan jeung Manehna, kira-kira 6 bulanan kuring jeung Manehna can
panggih-panggih. Teu dileuleungit, pernah panggih teh keur basa kuring
papanggih jeung lanceukna di salah sahiji tempat dahar mahasiswa (apal meureun
mahasiswa tempat daharna dimana) eta oge ngan sakali-kalina, mereun ti harita
anu jadi kuncup rasa nyaah kuring ka Manehna teh mimiti aya. Lamun ditilik tina
cacaritaan samemeh bobogohan jeung manehna ge rada lucu, da mimitina mah kuring
teh ngadeukeutan na mah ka lanceukna, tapi ku lantaran lanceukna mah nganggap
kuring teh meureun budak leutik anu bau cikur keneh, jadi weh kur diheureuykeun
jeung teu dianggap. Kalah hiji waktu mah kuring teh pernah nepikeun ka asa era
beungeut ku kalakuan lanceukna, kieu dongengna gera. Ari sugan teh bener si
Manehna (lanceukna tea) teh teu jadian (bahasa gaul) jeung lanceuk tingkat
simkuring, nya atuh ari anu ngarana lalaki mah ngarana ka awewe anu dipikahayang,
sanajan teu di titah ulin ge asa hayng wae ngulinan komo ceuk paribasana di
titah ulin ka kosanana subuh-subuh ge pasti dilakonan (catatan: asal ibu kosna
teu galak). Pas hiji waktu Kuring asa ngimpi dititah ulin ku si Manehna teh
isuk-isuk pisan, kira-kira jam satengah tujuh poe rebo, cenah mah Kuring kudu
nganteur Manehna ka Cimahi (teuing nek naon ka Cimahi na ge, da teu dibere
nyaho). Najan teu biasa hudang isuk ge kuring harita mah tanginas hudang jam
lima, kaluar kamar, brus mandi, dandan bebeakan, terus ngahaneutan motor, nepi
ka ibu jeung bapa kos kuring mah teu eun-eunan nyebut lamun kuring geus mandi
jam sakieu (satengah genep) mah ke sore bakal hujan gede cenah (sabenerna
hinaan ieu teh, da salila 3 taun ngekos kuring tara biasa mandi isuk).
Kira-kira jam genepan kuring geus mangkat ka kosan manehna. Teu lila jam
satengah tujuh ge kuring geus tepi ka kosanana, geus tepi ka kosanana kuring
ngasms (eusi sms disensor). Teu lima menit-menit acan, kurunyung manehna seuri
bari katinggali teh siga can sibeungeut-sibeungeut acan.
“ hayu kalebet!” ceuk manehna.
Dasar lalaki da gening tong boro
wae dititah, teu di titah ge hayang ngajleng langsung ka kamarna. Kuring kur
ungeuk ngagugu nuturkeun manehna bari jeung rada era, kosan anu di tempatan ku
si Manehna teh kosan khusus putri, tapi sigana mah rada bae eun lalaki asup ge.
Geus tepi hareupeun kamarna, kereketttt sora panto di buka ku manehna. Nyampak,
di kamarna teh aya lalaki, siga na mah si ETA, tapi teuing ketang da dedeganana
teu katinggali da keur diuk dina korsi bari ngetik, buukna rada CRISYE (criting
rambut syebel), make baju batik, calana katun, terus anu ngayakinkeun kuring
yen anu keur diuk dina korsi eta teh si ETA tea nya eta motorna sabab kuring
asa teu asing kana motor nu diparkir tadi di luar gigireun motor kuring teh nya
eta motor anu biasa dipake ku si lanceuk tingkat sapopoe kuliah. Tah tas kitu teh
kuring kalah jadi bararingung, mun asup kabayang atuh, teu asup bisi di sebut
pengecut, ah tapi jero pikir lamun kuring asup, era na ge ku dua jalma nya eta
si manehna jeung si lanceuk tingkat, tapi lamun jadi pengecut mah kur ku si
manehna kecuali lamun si manehna ngomong ka babaturanana. Akh ketang kagok
baseuh, asup we lah.
Karek ge
ngalengkahkeun suku hiji oge, si lanceuk tingkat kaburu malik ninggali kana
panto anu muka kaleresan aya sim kuringan.
“ eeeeeehhhh, gening si Eta, aya
naon euyyyy? Jam sakieu geus
ulin kadieu?” Tanya si lanceuk tingkat bari rada heran.
Kuring ngan sa ukur nyerengeh, terus ngalengkahkeun
deui suku ka tukang. Bari muter otak sangkan kuring teu era lahir jeung batin.
“ eeeeehhhh, kalah seuri???”.
Untung otak kuring mah calakan pisan kana
ngabohong mah.
“ eta kang bade nambut buku
landasan pendidikan, ayeuna abdi kuliah enjing kang, tapi teu gaduh bukuna!”
tembal kuring bari rada kuram-kireum keneh.
“ oh nya sok atuh nambut bukuna
lajengkeun, akang keur ngerjakeun RPP kangge ngajar di SMP ……….(sensor), akang
nuju PPL euy jadi jarang ka Kampus, ieu ge ngerjakeun RPP di bantuan ku si
Geulis (ayeuna mah kuring wani tah ngaluluconkeun omongan akang nu ieu, kieu
yeuh luluconna “DEMI ALLOH KANG TEU NANYA TAH”).
Untung si Teteh (si manehna tea) oge
gancang ngarti yen kuring teh keur aya dina posisi terdesak.
“ nya Ran, ke heula nya teteh
hilap deui nyimpena dimana, tapi tenang we da teteh meser buku lanpen mah!”
omongan si teteh (ngabohong oge).
Kuring ngan cicing, si Lanceuk tingkat
oge nuluykeun deui pagaweanana bari ngetik diharepeun komputer.
“ tah ieu gening aya Ran, ieuh
atuh(bari ngasongkeun bukuna)!”.
“ nya Teh buku na di tambut
heula, punten we nya Teh, Kang tos ngarerepot, enjing-enjing tos ngaganggu!”,
tembal kuring bari rada ngabalieur.
“ teu nanaon atuh kan
kawajibanana ari lanceuk tingkat mah kudu ngabantuan ka adi tingkat!”.
“ muhun kang, mangga Teh, hatur
nuhun, assalamualaikum!”.
“ nya atuh mangga, kade di
jalana, ulah ngalamun!” tembal si Lanceuk tingkat.
Teu
dilila-lila, harita keneh kuring langsung ngajengkat ti pakalangan anu
ngaremukeun hate sim kuring (lebay). Pas turun dina tangga deukeut kosan si Manehna,
kakara kapikiran “nya tega gening si manehna nipu sim kuring, cenah jeung si
lanceuk tingkat teh teu bobogohan tapi kanyataanana gening kitu, meni ku
teung-teuingeun, pengorbanan teh gening teu aya buktina, ngorbankeun diri mandi
isuk-isuk, ngagaya isuk-isuk, make seuseungitan isuk-isuk, nepi ka di komen ku
ibu jeung bapa kos teu eun-eunan teh gening mung saukur siga nginum make batok bolong, maksudna ari
panggih mah panggih jeung anu di tuju tapi gening teu beubeunangan, tapi sakieu
ge kuring bisa mertahankeun harga diri, teu jadi era lahir jeung batin teuing.
Keur ngalamun, kuring kasadarkeun, karasa dina saku aya anu ngageter, geningan
aya sms, kuring rada ragu-ragu muka smsna ge da tadi katinggali hape si manehna
aya deukeut si Lanceuk tingkat, pas dibuka teh kieu yeuh eusi smsna (moal
disensor akh kagok ambek), “maf nya ran,
teteh teu nyarios aya si akang di kosanana”. Ku kuring teu di balesan eta sms
da masih keneh aya ka ambek anu nyangkaruk dina dada. Motor ku kuring di selah
terus di gas satarikna, nepi ka pas indit mah merlukeun waktu tilu puluh menit
da ngajaga buuk anu geus di atur saterekebekna sieun rusak ku angin, tah ari
pas balikeun mah gening teu lima welas-lima welas menit acan, da geus teu
paduli kana sagala-galana.
Ti harita nepi
ka meureun lima bulanna mah, kuring sabenerna masih boga ka ambek ka si Manehna,
tapi, lamun panggih di kampus mah kuring sok ngusahakeun nyerengeh bari tara
saeutik tina mimitina serengehanana eta teh jadi ngajebengan lamun geus
satukengeun si Manehna mah. Nepi ka hiji waktu, kuring jeung si manehna panggih
di salah sahiji tempat dahar barudak mahasiswa tea, ka tembong si manehna
paduduaan jeung awewe deui keur dahar bari jeung ngobrol (teuing naon anu di
obrolkeunana mah). Kuring teu wani nanya ti heula da ngajaga gengsi tea (ja’im
tea). Pas kuring keur pesen dahar, teuing apaleun sora kuring, teuing asa kaget
aya jalma anu pesen dahar meni sakitu lobana.
“ (Ngareret ka kuring), haaaaar
gening Randi, bade naon? Nuturkeun teteh nya?” tanya si manehna.
“ (seuri), GR akh, nya bade mam
at da lapar, kan tos waktosna jam makan
siang ayeuna mah!”.
“ nya kitu, eta mah da gening
sanes siga makan siang, tapi makan
sabulaneun!”.
“ ah bisa wae!” tembal kuring.
“ katinggal atu tina salirana Teh!”
kadenge aya anu ngomong.
“ harrrr, saha eta Teh anu
nyarios?, asa teu kirang payun!” taros
Kuring ka si Manehna.
“ ooohhhhh, nya hilap Ran, ieu
ran rayi Teteh, kenalkeun namina Dewi ari nenehna mah uwi, ayeuna teh nuju
liburan di Bandung, kan kamari nembe beres UAS!” tembal si Manehna.
“ ooo…..abdi randi ….!”
(ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman).
“ Dewi …….!”.
Sanggeus
kenalan kuring jadi diuk dina bangku anu sarua jeung maranehna bari
saobrol-obrolna antara Kuring, si Manehna jeung Dewi. Ti harita sigana mah
kuring jeung si Manehna jadi rada akrab deui, sabab Kuring asa boga hate kadua
leutik ka adina. Ampir unggal poe Kuring jeung si Manehna smsan jeung
teteleponan deui. Lila kalilaan si Manehna sadar yen manehna ngan sa ukur dijadikeun
panglayar ku Kuring, sabab dina tungtung smsan atawa ngobrol na telepon, Kuring
sok nyelap-nyelap pertanyaan ngeunaan si Dewi. Nepi ku bakat keselna, si Manehna
ngirimkeun nomer hape si Dewi tea sabab cenah mah cape di tanya itu ieu wae ngeunaan
adina, da saminggu ti harita panggih oge adina mah geus balik deui ka Cikarang.
Pas ninggali no hapena, kuring atoh kabina-bina sabab no hape adina ge gening
saoprator, da lamun beda operator mah sangeuk ari kudu nelpon mah, mararahal,
paling mung saukur bisa smsan. Da ari ayeuna mah geus lumrah ari sms mah
rata-rata operator ge gratis asal daek ngutekeun ramo. Ti harita keneh oge
kuring langsung ngasms si Dewi, maksudna mah mung hayang mastikeun nomer hape
kuring aya di Manehna. Untung Dewi masih keneh ingeteun ka kuring, lamun teu
mah atuh kuring teh gagal tea.
Saban poe
Kuring jeung si Dewi, ngobrol wae dina hape (nya kitu oge lamun kaparengan aya
pulsa, nya lamun euweuh mah lapur we) jeung smsan atawa chat dina pesbuk.
Lila-kalilaan, jadi akrab pisan, manehna lamun aya masalah carita ka kuring
jeung lamun kuring aya masalah ge kitu tea sarua nyarita ka Manehna. Teu karasa
kuring asa tadina ngan saukur hayang heureuy ka si Dewi teh kalah jadi aya rasa
anu beda. Nya conto, bakat ku mineng cacaritaan na telpon, heg aya mangsa anu
kaliwat sapoe wae teu ngadenge sora Dewi, kuring asa teu biasa, terus lamun sms
rada telat ngabales, kuring hariweusweus asa teu genah hate. Pikir-pikir piraku
kuring bener-bener nyaah ka manehna (si dewi tea). Haaaah siga na mah kitu
kanyataanana. Bisi teu ka kedalkeun heg gera kaburu aya anu miheulaan, ke
kuring keneh anu ngarasa hanyakal sagede setum gera. Bulan anu kaliwat, poe anu
kaliwat, jam anu kaliwat, nepi ka menit anu kaliwat, kuring ngumpul-ngumpul
kawani, niatna mah hayang ngomong anu sabenerna. Pas dina waktuna, kuring
ngomong ka Dewi na telpon yen kuring teh nyaah jeung resep ka Manehna. Pek teh
kanyaah jeung cinta Kuring teh teu siga
kanyaah cai ka minyak, Dewi ge ngarasakeun hal anu sarua ka kuring. Wah eta
ku asa endahna alam dunya harita, lamun sadayana harepan satiap manusa bisa
jadi kanyataan sigana damai pisan kahirupan teh. Da gening bet karek hiji
harepan kuring jadi kanyataan ge sakieu gede rasa bungahna. Ti harita kuring
jeung Dewi bobogohan tepi ka teu karsa kuring the geus papisah jeung teu
papanggih teh
Matakna
ngadenge Dewi bakal kuliah di Bandung, babarengan jeung kuring, bari jeung
sauniversitas anu sarua, geus asa meunang cai di taneuh gurun. Raga anu sakur
kaimpi-impi, imut anu sakur kabayang-bayang, teu lila deui mereun kabeh teh
ngan lain sakur impenan. Wilujeng sumping geulis di dayeuh pinuh ku harepan, di
dieu urang bajoang bareng-bareng nyulam kahirupan, sanajan loba pisan harupat
anu nyugak kana lengkah-lengkah urang, tong dipalire da urang kudu percaya
kabeh ge bakal ngamalir kana karahayuan.